Welcome to blog SDNegeri Cijagang I VISI Cerdas,Sehat.Berprestasi Menuju Cianjur Lebih Maju Dan Agamis MISI Mendorong Profesionalisme Guru, Meningkatkan Kompetensi Siswa, Mengoptimalkan Proses Pembelajaran dan Bimbingan, Menanamkan Keyakinan/Akidah melalui pengamalan ajaran agama, Berprestasi dibidang akademik dan non akademik

Senin, 05 Februari 2018

BATU CEURIK

Di hiji Gunung leutik nu anggang ti pedesaan di wewengkon Cijagang aya hiji randa jeung saurang anakna awewe. Anakna nu keur mejeuhna kembang buruan kacida pisan geulisna ngaranna Misnem. Ngan hanjakal boga kalakuan anu goring. Nyaeta males jeung tara pisan mantuan nujadi indung sapopoe gawena ngan dandan wae, lian ti ngedul jeung ogoan the sagala pamentana kudu ditedunan, teu ningali kaayaan indungna anu hirup sangsara bari unggal poe gawe ripuh ker neangan dahareun sapopoe. Dina hiji poe Misnem diajak ku inungna balanya ka pasar mun leumpangmah matak cape, lanataran pasar teh kacida pisan jauhna, sajajalan Misnem leumpangna teu weleh lungak lengok, bari make baju alus, teu heran matak jadi perhatian, sakur nuningali muji kageulisannana. Ari Indungna leumpang ditukang mawa karanyang bari pakeanna butut tur kucel. Lantaran tempat kahirupanana cicing. Anu kacida mencilna sakur nuningali teuapaleun yen eta awewe the inung jeung anak. Waktu maranehnana asup ka pileumuran. Jalma-jalam pada naringali, hookeun atawa heranneun ningali kageulisan budak awewe tea, pangpangna kaum lalaki. Anu teu bosen-bosen ningali kageulisan eta awew. Tapi nalika ningali nu leumpang tukangeunnana kacida pisan ganyulngna, sarerea pada heran pinuh ku tanda Tanya. Tisajumlah nu ningali, aya hiji lalaki anu ngadeukeutan bari nanya ka eta awew, “Hei geulis, eta anu leumpang tukangeun the Inung anjeun?”. Tapi naon eta jawaban awewe” lain jawab awewe bari gumede” eta mah nububujang, tukang babantu di imah kuring. dua jalma anu nyata Inung jeung anak teh neruskeun lumampahna. Teu sawatara lila aya hiji lalaki nanya deui ka eta udak awewe” Hei, geulis, manis” eta nuleumpang tukangeun teh Inung anjeun “ lain, jawab eta budak awewe bari tangah. “etamah budak di Imah kuring” (Budak teh hartina nugeus euweuh kabebasannana). Kitu jeung kitu jawaban eta budak awewe. Tiap aya nunanyakeun Inungna, Inungna dianggap pembantu atawa budak belian. Mimitinamah ngareungeu jawaban anakna nu doraka teh inungna masih bisa nahan, nyabar-nyabar maneh, tapi kalah ku minengmah ngareungeun jawaban nu matak pikanyerieun hate. Tungtungna Inungna beak kasabarannana, terus ngado’a. “Yaa…Allah, abdi teukiat nandangan hinaan sapertos kieu, anak kandung abdi dugi ka tega merlakukeun abdi dugika kieu” “Ya ……Allah ……..lungsurkeun hukuman ka budak abdi anu durhaka, paparin azab budak abdi ayeuna keneh” kitu do’a nu jadi Inungna. Bari ceurik Inghak-inghakan kanyenyerian. Kalayan kakuasana Allah SWT…….laun – laun eta awak budak awewe tea robah jadi batu, mimiti tina suku nepika satengah awakna, ningali kajadian kitu anakna ceurik menta ampun ka Inungna. “Ema, hampura abdi, abdi anak ema anu dorak. Budak awewe tuluy – tuluyan menta panghampura nu jadi Inung bari ceurik. Tapi aya paribasa kieu “Sangu geus jadi bubur” sagalana teu bisa balik deui ka asal. Kabeh awak budak awewe tea robah jadi batu. Keur nupareng kawenehan mah, sanajan geus jadi batu, tapi sok rajeun aya nuningali dina dua panonna ngaluarkeun cimata. Kitu rupina carita sasakala tempat ieu anu ku balarea satempat dipercaya carita ieu bener-bener kungsi kajadian. Sing saha anu doraka ka Inung nugeus ngalahirkeun jeung ngagedekeun, pasti laknat allah baris tumiba ka jalma nu doraka ka Inung.

1 komentar:

  1. How to Play Baccarat, The Rules of the Card Game - Wolverione
    There are also two types of septcasino table games in which 바카라 each player must play against a dealer. In Baccarat, 인카지노 this is a team of four players

    BalasHapus